M ulang ka Cimanggung KU NOVA RYANDI Waktu geus liwat ti wanci magrib, tapi awak can méréan keur muru mulang ka imah buru – buru. Karasa haté ngadadak seseblakan, kabulen ku kaéra rek balik ka imah téh. Horéam tadina mah balik téh, mun teu ditelepon ku nu jadi indung mah, cenah nitah buru balik, meni ampleng – amplengan nyiar kipayah di Jakarta téh, karunya barudak jeung pamajikan cenah ceuk Ema dina telepon saminggu katukang. Bungsu ti limaan kuring téh, lanceuk tilu awéwé, ngan kuring jeung nu pangais bungsu wéh lalaki téh ukur duaan, hirup kasebutna beunghar jeung sagala nyampak katambah asa dipangmeunangkeun hayang nanaon gé ku Apa mah da pédah bungsu meureun sanajan geus kawin ogé tetep teu robah nyaahna Apa ka kuring, hayang nanaon teu weléh cumpon, matak daék ogé indit ka Jakarta téh da pédah kabita ku bati gedé mun usaha di kota mah, modal paméré ti Apa sanajan kudu ninggalkeun pamajikan jeung budak tilu ogé, cék pikiran ma...