Sajak Urang
URANG (téh) SUNDA Urang (téh) Sunda… Sirahna diiket dibaju kamprét lawon hideung majarkeun cenah jatidiri Babasaan sékésélér cenah némbongkeun karancagéan Tembang – tembang kasundaan majarkeun seni buhun anu kudu dimumulé Dayeuh kawali jadi wawakil tetengger yén Sunda pernah ngajadi Tapi kiwari ngan ukur cacarita jadi béja tatalépa nu teu puguh monyét hideungna Urang (téh) Sunda… Soméah hadé ka sémah Daréhéh akuan teu haseum budina, matak resep omonganana Sapopoé ngaronyok silih élédan Tapi kiwari papaharé paharé – haré Urang (téh) Sunda… Lain si Kabayan nu hésé baranggawé Lain Nyi Iteung nu ngan bisa jamedud nitah salakina digawé Tapi ayeuna urang Sunda kalah leuwih ti si Kabayan, kalékéd hésé digawé, Kawas Nyi Iteung jaramedud unggal poé Ai ngaku cenah urang Sunda, Tapi réngkak paripolah lir kujang nu leungiteun pangadékna. ...