Postingan

Catatan Angin

Angin meniup dedaunan Menemani gemericik hujan  yang tak lelah berlari Seperti rinduku..                                                                                     Bandung 18 / 4/ 2015

Catetan hujan

Teu nyangka, Hujan bakal marengan peuting ieu Jiga nu geus surti naon nu karasa ayeuna Duka saha nu ngaiberan Dalah reungit dihareupeun irung gé teu apaleun Yén ayeuna wayah kieu Kuring ngagugulung kasono nu can wasa kabudalkeun!                       Ciamis, 1/26/2015 21.18

Pasini

Kasono nu ngadodoho Kanu paanggang Kanu pajauh Wengi engké Ditempat nu sarua Urang budalkeun Ieu rasa!                                 Ciamis, 1/22/2015 12.40

Nu Béda

Aya rasa nu manteng dina implengan Ngagantung dina jero lamunan Aya seuri anu nyari, Imut leleb nu ngagantung ditungtung biwirna Teu aya! Teu aya nu béda Seuri nu mawa nyari, imut nu matak geugeut, kabéh sarua Nu béda ngan ukur jarak, nu misahkeun saheulaanan                      Ciamis, 1/22/2015 12.01

Janari Gedé

Angin niup gegelebugan bangun nu mupuas Kana naon nu karandapan peuting ieu Langit semu alum taya marahmay nahnay Béntar geus seuseurian ti tebéh kulon kénéh Nyeungseurikeun katunggara Ngaléléwé kapeurih Sora dordarna gelap satia marengan Hujan mémang geus raat kajanarikeun Tapi masih kénéh aya nungagulidag Sajeroeun manah!                                                                                                                                                    Ciamis, mangsa hujan wanci janari 1/22/2015 

Sajak pagi hari

Episode kopi dan pagi hari Air didalamnya pekat dan panas, Namun tak menyala-nyala, Mendidih,  beruap nan bersuasana kelam Tapi tak seperti api Yang rakus melahap keringnya batang pohon 28/08/2015

Sajak Urang

URANG (téh) SUNDA Urang (téh) Sunda… Sirahna diiket dibaju kamprét lawon hideung majarkeun cenah jatidiri Babasaan sékésélér cenah némbongkeun karancagéan Tembang – tembang kasundaan majarkeun seni buhun anu kudu dimumulé Dayeuh kawali jadi wawakil tetengger yén Sunda pernah ngajadi Tapi kiwari ngan ukur cacarita jadi béja tatalépa nu teu puguh monyét hideungna Urang (téh) Sunda… Soméah hadé ka  sémah Daréhéh akuan teu haseum budina, matak resep omonganana Sapopoé ngaronyok silih élédan Tapi kiwari papaharé paharé – haré Urang (téh) Sunda… Lain si Kabayan nu hésé baranggawé Lain Nyi Iteung nu ngan bisa jamedud nitah salakina digawé Tapi ayeuna urang Sunda kalah leuwih ti si Kabayan, kalékéd hésé digawé, Kawas Nyi Iteung jaramedud unggal poé Ai ngaku cenah urang Sunda, Tapi réngkak paripolah lir kujang nu leungiteun pangadékna.                   ...