Postingan

Menampilkan postingan dari September 6, 2015

Ema jeung panineungan

Ema, ieu kuring nu keur ngumbara nyiar panemu, sakumaha piwejang ema Ema ieu kuring nu ngulik nyiar pangarti,  sakumaha pituduh ema  Ema ieu kuring nu keur ngasah ngabebenah manah,  sakumaha piwuruk ema Ema ieu kuring, sakumaha bisana kuring diajar,  keukeuh ema, kuring teu bisa ngadongkang pangabisa ema  ngadidik tur ngajaring kuring.                                                                         Mekarjaya 14/08/2015

Wanci bulan ninggalkeun tungtung peuting

Ngan ukur kadua panineungan Ema,  kuring ngahelas ras inget keur diusapan ku Ema,  kiwari jadi hiji kasono anu hamo kawaler di dunya. Enya ma, ayeuna kuring nyiar kahayang Ema,  pikeun nganggeuskeun ngamandala  nu baris jadi bekel keur babakti ka Ema.                                                                 Mekarjaya 27/8/2015

Pemuda dan Tantangan AEC 2015

Gambar
Nova Ryandi Mahasiswa S astra S unda Fakultas Ilmu Budaya Unpad Beri aku seratus orang tua, maka akan ku cabut semeru dari akarnya, dan beri aku sepuluh pemuda niscaya akan ku goncangkan dunia . - Dr.(HC).Ir. Soekarno Seba ris kata mutiara dari sang proklamator yang sangat membakar semangat para putra bangsa indonesia. Semangat yang seharusnya diteruskan oleh para pemuda masa kini. Memberikan berjuta aksi dan pengabdian bagi NKRI. Aksi demi I ndonesia yang gemilang dimasa mendatang. Pemuda yang pada hakikatnya menjadi generasi penting dan bagian vital dalam kehidupan bangsa ini seharusnya memiliki semangat dan daya juang yang tinggi untuk kemajuan bangsa. Terkait dengan peran inilah seharusnya yang disadari oleh para pemuda saat ini seperti yang diucapkan oleh Ir. Soekarno . Namun  pada kenyataannya tidak semudah demikian, masih banyak diantara generasi harapan bangsa itu yang belum menyadari akan pentingnya peran tersebut. Padahal seharusnya merekalah yang menyuaraka

Wa Dédy Windyagiri (Dédy. M. Mulyadi.Alm) dina Panineungan

Gambar
Mimitian ditepangkeun Pabeubeurang asana mah tepung deui téh. Harita basa Wa Dédy diulem ka PSBJ FIB UNPAD dina raraga miéling poé basa indung sadunya. Harita pisan mimitian wantun nyalukan ka anjeuna téh. Da saenyana mah sadidinten ogé tara wantun nyalukan ari dikersakeun tepang di bumi mah padahal mindeng pisan ningali anjeuna ngalangkung payuneun bumi pun bibi. Saenyana Pun Bibi sok pangangguran nyaritakeun anjeuna ka simkuring. Pajar teh “ Éta gé Nova Wa Dédy gé alus kana kasundaan mah, loba pisan buku – buku sunda di imahna téh da osok nulis dina majalah ogé, sok geura anjangan kaditu, da tiheula gé tos dibejakeun yén Nova kuliah di jurusan sunda cek bibi téh”. Kitu cenah pun bibi nyarita ka kuring ngan kuring teu apal naon waleran anjeuna sabada pun bibi nyarios kitu ka anjeuna, teu kungsi katanyakeun deui da geus langka nganjangan bibi harita téh da keur aya garapeun di kampus. Éta téh mimitian pisan kuring apal ka Wa Dédy, geningan nyawang – nyawang kanu anggang, ari n

Catatan Angin

Angin meniup dedaunan Menemani gemericik hujan  yang tak lelah berlari Seperti rinduku..                                                                                     Bandung 18 / 4/ 2015

Catetan hujan

Teu nyangka, Hujan bakal marengan peuting ieu Jiga nu geus surti naon nu karasa ayeuna Duka saha nu ngaiberan Dalah reungit dihareupeun irung gé teu apaleun Yén ayeuna wayah kieu Kuring ngagugulung kasono nu can wasa kabudalkeun!                       Ciamis, 1/26/2015 21.18

Pasini

Kasono nu ngadodoho Kanu paanggang Kanu pajauh Wengi engké Ditempat nu sarua Urang budalkeun Ieu rasa!                                 Ciamis, 1/22/2015 12.40

Nu Béda

Aya rasa nu manteng dina implengan Ngagantung dina jero lamunan Aya seuri anu nyari, Imut leleb nu ngagantung ditungtung biwirna Teu aya! Teu aya nu béda Seuri nu mawa nyari, imut nu matak geugeut, kabéh sarua Nu béda ngan ukur jarak, nu misahkeun saheulaanan                      Ciamis, 1/22/2015 12.01

Janari Gedé

Angin niup gegelebugan bangun nu mupuas Kana naon nu karandapan peuting ieu Langit semu alum taya marahmay nahnay Béntar geus seuseurian ti tebéh kulon kénéh Nyeungseurikeun katunggara Ngaléléwé kapeurih Sora dordarna gelap satia marengan Hujan mémang geus raat kajanarikeun Tapi masih kénéh aya nungagulidag Sajeroeun manah!                                                                                                                                                    Ciamis, mangsa hujan wanci janari 1/22/2015 

Sajak pagi hari

Episode kopi dan pagi hari Air didalamnya pekat dan panas, Namun tak menyala-nyala, Mendidih,  beruap nan bersuasana kelam Tapi tak seperti api Yang rakus melahap keringnya batang pohon 28/08/2015