Ngan ukur kadua panineungan Ema, kuring ngahelas ras inget keur diusapan ku Ema, kiwari jadi hiji kasono anu hamo kawaler di dunya. Enya ma, ayeuna kuring nyiar kahayang Ema, pikeun nganggeuskeun ngamandala nu baris jadi bekel keur babakti ka Ema. Mekarjaya 27/8/2015
Mimitian ditepangkeun Pabeubeurang asana mah tepung deui téh. Harita basa Wa Dédy diulem ka PSBJ FIB UNPAD dina raraga miéling poé basa indung sadunya. Harita pisan mimitian wantun nyalukan ka anjeuna téh. Da saenyana mah sadidinten ogé tara wantun nyalukan ari dikersakeun tepang di bumi mah padahal mindeng pisan ningali anjeuna ngalangkung payuneun bumi pun bibi. Saenyana Pun Bibi sok pangangguran nyaritakeun anjeuna ka simkuring. Pajar teh “ Éta gé Nova Wa Dédy gé alus kana kasundaan mah, loba pisan buku – buku sunda di imahna téh da osok nulis dina majalah ogé, sok geura anjangan kaditu, da tiheula gé tos dibejakeun yén Nova kuliah di jurusan sunda cek bibi téh”. Kitu cenah pun bibi nyarita ka kuring ngan kuring teu apal naon waleran anjeuna sabada pun bibi nyarios kitu ka anjeuna, teu kungsi katanyakeun deui da geus langka nganjangan bibi harita téh da keur aya garapeun di kampus. Éta téh mimitian pisan kuring apal ka Wa Dédy, geningan nyawang – nyawang kanu anggang, ari n...
Catetan Cikapundung Leumpang mapay sisi jalan Braga Maksakeun kaludeung, ngudag – ngudag pangharepan Duméh can kapanggih raratanana Ukur halimun nu terus nyimbutan lalangsé haté, ngan méga nu satia maturan pileumpangan Cikapundung beuki atra ngaguruh bangun nu surak ngareuah - reuah Nyeungseurikeun ieu diri nu hayoh baé cicing dikungkung kabingung Keukeuh teu tepung jeung nu dipimaksud Langit angkeub kasorénakeun, Nganteur srangéngé nu rék reureuh tas digawé satengahing jalan nu dipapay can kénéh aya pituduh sugan jeung sugan ngandelkeun boa bingbang diparapatan jalan Anteng ngumbar sagara lamunan nu ditéang horéng geus euweuh dikieuna tempat mulang jeung ngumbar kabingung tempat sasadu lamun haté keur baluweng
Komentar
Posting Komentar