Postingan

Menampilkan postingan dari Juni 21, 2015

Sajak Urang

URANG (téh) SUNDA Urang (téh) Sunda… Sirahna diiket dibaju kamprét lawon hideung majarkeun cenah jatidiri Babasaan sékésélér cenah némbongkeun karancagéan Tembang – tembang kasundaan majarkeun seni buhun anu kudu dimumulé Dayeuh kawali jadi wawakil tetengger yén Sunda pernah ngajadi Tapi kiwari ngan ukur cacarita jadi béja tatalépa nu teu puguh monyét hideungna Urang (téh) Sunda… Soméah hadé ka  sémah Daréhéh akuan teu haseum budina, matak resep omonganana Sapopoé ngaronyok silih élédan Tapi kiwari papaharé paharé – haré Urang (téh) Sunda… Lain si Kabayan nu hésé baranggawé Lain Nyi Iteung nu ngan bisa jamedud nitah salakina digawé Tapi ayeuna urang Sunda kalah leuwih ti si Kabayan, kalékéd hésé digawé, Kawas Nyi Iteung jaramedud unggal poé Ai ngaku cenah urang Sunda, Tapi réngkak paripolah lir kujang nu leungiteun pangadékna.                         Mekarjaya 26/6/2014

Sajak PEUTING TADI

PEUTING TADI Cai canémbrang hérang Laukna babari beunang Sawah anu héjo lémbok ngampar upluk – aplak satungtung deuleu hawa tiis pagunungan nyecep satulang sandi leuweung – leuweung katémbong gagah tangkal – tangkal ngajungkiring narangtung arajeg mapaés kaéndahan alam kamonésan hirup antara urang jeung alam anu silih pikabutuh kabéh atra katingali, écés katénjo dina impian peuting tadi. 

Sajak PATAMANAN BASAJAN

PATAMANAN BASAJAN Tiisna haté lir tiisna ciibun ngadalingdingkeun seungitna nyambuang sabumandala Patamanan saamparan ditanceban kembang – kembang asih pangeusina malati nyugemakeun ati samoja mawa bagja éndah taya papadana Alam urang jagaeun urang taman kadéwan nu basajan dieusian  kekembangan lain saukur melak kahayang tapi éta jadi simbul pangharepan arep – arepeun jagaeun baringsupagi Kembang – kembang asih di patamanan panganteur tineung panyawangan                         Prawirotaman, Yogyakarta 2014

Sajak Catetan Cikapundung

Catetan Cikapundung Leumpang mapay sisi jalan Braga Maksakeun kaludeung, ngudag – ngudag pangharepan Duméh can kapanggih raratanana Ukur halimun nu terus nyimbutan lalangsé haté, ngan méga nu satia maturan pileumpangan Cikapundung beuki atra ngaguruh bangun nu surak ngareuah - reuah Nyeungseurikeun ieu diri nu hayoh baé cicing dikungkung kabingung Keukeuh teu tepung jeung nu dipimaksud Langit angkeub kasorénakeun, Nganteur srangéngé nu rék reureuh tas digawé satengahing jalan nu dipapay can kénéh aya pituduh sugan jeung sugan ngandelkeun boa bingbang diparapatan jalan Anteng ngumbar sagara lamunan nu ditéang horéng geus euweuh dikieuna tempat mulang jeung ngumbar kabingung tempat sasadu lamun haté keur baluweng

Carpon Kuring

M ulang ka Cimanggung KU NOVA RYANDI      Waktu geus liwat ti wanci magrib, tapi awak can méréan keur muru mulang ka imah buru – buru. Karasa haté ngadadak seseblakan, kabulen ku kaéra rek balik ka imah téh. Horéam tadina mah balik téh, mun teu ditelepon ku nu jadi indung mah, cenah nitah buru balik, meni ampleng – amplengan nyiar kipayah di Jakarta téh, karunya barudak jeung pamajikan cenah ceuk Ema dina telepon saminggu katukang.        Bungsu ti limaan kuring téh, lanceuk tilu awéwé, ngan kuring jeung nu pangais bungsu wéh lalaki téh ukur duaan, hirup kasebutna beunghar jeung sagala nyampak katambah asa dipangmeunangkeun hayang nanaon gé ku Apa mah da pédah bungsu meureun sanajan geus kawin ogé tetep teu robah nyaahna Apa ka kuring, hayang nanaon teu weléh cumpon, matak daék ogé indit ka Jakarta téh da pédah kabita ku bati gedé mun usaha di kota mah, modal paméré ti Apa sanajan kudu ninggalkeun pamajikan jeung budak tilu ogé, cék pikiran mah harita mending ngumbara ka kota