Wa Dédy Windyagiri (Dédy. M. Mulyadi.Alm) dina Panineungan

Mimitian ditepangkeun

Pabeubeurang asana mah tepung deui téh. Harita basa Wa Dédy diulem ka PSBJ FIB UNPAD dina raraga miéling poé basa indung sadunya. Harita pisan mimitian wantun nyalukan ka anjeuna téh. Da saenyana mah sadidinten ogé tara wantun nyalukan ari dikersakeun tepang di bumi mah padahal mindeng pisan ningali anjeuna ngalangkung payuneun bumi pun bibi. Saenyana Pun Bibi sok pangangguran nyaritakeun anjeuna ka simkuring. Pajar teh “ Éta gé Nova Wa Dédy gé alus kana kasundaan mah, loba pisan buku – buku sunda di imahna téh da osok nulis dina majalah ogé, sok geura anjangan kaditu, da tiheula gé tos dibejakeun yén Nova kuliah di jurusan sunda cek bibi téh”. Kitu cenah pun bibi nyarita ka kuring ngan kuring teu apal naon waleran anjeuna sabada pun bibi nyarios kitu ka anjeuna, teu kungsi katanyakeun deui da geus langka nganjangan bibi harita téh da keur aya garapeun di kampus. Éta téh mimitian pisan kuring apal ka Wa Dédy, geningan nyawang – nyawang kanu anggang, ari nu caket teu dideuheusan.
Asa bungah tur reueus salembur jeung sastrawan hébat dina jamana éta téh. Mimiti wawuh ka anjeuna mah nya teu aya sanés tina tulisan anjeunna anu dimuat dina salah sawios antologi sajak sunda wedalan Disparbud, nyaéta katumbiri taun 2013. Asa mindeng kadangu ku kuring eta jenengan anjeuna téh da mémang kitu pisan. Di lembur mah seueur nu ngauwakeun ka anjeuna téh, salian ti bageur, mémang anjeuna katelah akuan ka tatangga téh meureun pédah ku bageurna matak kitu ogé nan. Teu nyangka pisan yén anjeuna téh sastrawan kahot. Da di bumi mah teu némbongkeun anjeuna téh sastrawan. Basajan baé katingalina teh kumaha wéh hiji aki nu ngurus incuna, nganteur sakola ne ka nyayogikeun katuangan téh da ku anjeuna bukti kanyaah aki ka incuna katawisna mah.

Sadidinten di bumi

       Teu pati seueur nu apal kumaha saenyana Dédy Windyagiri anu jenengan aslina Dédy.M.Mulyadi téh sadidintena di bumi. Sabab boh panyajak tur pangarang saentraganana atawa sahandapeuanana ngan apal Wa Dédy ngaliwatan karya – karyana atanapi dina acara – acara anu sipatna gempungan tur diskusi kayaning masalah sastra, budaya atawa dina acara acara kasundaan anu sipatna nyastra jeung sajabana. Kantenan ari tina seratanana mah memang ceuk istilahna mah ‘terkenal’ Wa Dedy téh. Saha nu teu bireuk ka si raja wirahma anu saur Kang Cécép Burdansyah téa mah. Sadidinten Wa Dédy téh katelah dilingkungan imahna mah minangka Koki anu kungsi gawé di hotél – hotél berbintang jeung di pelayaran. Di lembur mah apalna ka Wa Dédy téh tukang masak di hotél nu aralus kaitungna. Sabab ceuk adina Uwa téh da Wa Dédy mah lami didamel di hotél  nu aya di Bali. Ti saprak damel di hotél tara kacaturkeun Wa Dédy sok tulas – tulis deui. Biasana mah mun keur  saacan mancén gawé di Hotel jadi Koki atawa juru masak Uwa remen nulis sajak carpon atawa dangding jeung mindeng dimuat dina sababaraha media citak di Bandung. Salian ti nulis Uwa mindeng pisan diangkir kanggo nyérénkeun nu badé ngadahup atawa nu badé nikah. Saurna babasaan uwa mah lantip tur genah kakupingna pami nuju cumarios téh. Ieu meureun matak uwa saé kana wirahma dina ngobrol atawa ngedalkeun kekecapan téh, mindeng dilatih dina hal anu sapertos kitu.

Prosés kreatif jeung Wa Dédy

      Prosés kréatif anu kaalaman ku kuring jeung Wa Dédy téh nyaéta basa kuring mimitian diajar deui nulis sajak nu geus sababaraha waktu kabongbolérkeun. Harita basa kuring nganggeuskeun sajak nu kalima asa teg inget ka Wa Dédy. Bet asa hayang sajak kuring diparios tur diropéa ku Wa Dédy. Nya pangangguran kuring téh nepangan anjeuna. “Alhamdulillah Nov” cenah ceuk anjeuna téh. Kuring bingung naha anjeuna nyebat Alhamdulillah teh, naha pédah kuring karék ngahasilkeun deui karya, atawa mémang reueus kuring geus bisa diajar nulis sajak? Nepi ka kiwari kuring can manggih raratan jawaban kana patarosan éta da émang harita pisan basa kuring némbongkeun tulisan sajak kuring nu wanguna sajak .
Anu matak nineung ka Anjeunna téh nyaéta basa diskusi singkat sareng Wa Dédy.  Anjeuna mah tara ningali karya batur ku kacamata kuda, tapi sadaya karyana dianggap saé waé. Cenah mah da sadaya karya utamana sajak mah teua aya nu lepat, teu aya nu awon, saé sadayana ogé, nu matak ‘Akang’ mah ku ningali Nova resep tur tiasa nulis sajak tos kawilang saé ceuk Uwa mah, sugan engké nu neraskeun tapak lacak Uwa téh ngan Nova jigana didieu mah. Teu gugur teu angin anjeuna bet nyarios kitu harita téh. Jeungna deui, Anjeuna nyarios cenah, “Saenyana mah sajak mah teu kénging dirobih Nov, mung engké ku Akang dilereskeun kekecapanana wungkul jigana mah, ké wéh tepangan deui nya”. Harita téh pasosoré basa Anjeuna rék nganjangan incuna nu bumina kahalangan ku sababaraha wangunan ti bumi Pun Bibi, anu jigana tepang panganggeusan jeung Anjeuna sabab teu kasiwer nganjangan anjeuna, Anjeuna ogé nuju riweuh ngurus putrana nu nuju teu damang harita ogé. 
Éta anu ku simkuring disebat diskusi singkat sareng Uwa téh. Eh naha atuh can wareg diajar sastra jeung Wa Dédy téh, Uwa kabujeng dipundut ku nu Maha Kawasa, Uwa parantos mulih kalayan ngantunkeun sawidak karya – karyana anu kiwari janten panineungan. Sok sanaos teu acan wareg guguru ka Uwa, sahenteuna kuring apal kana hurip hirupna ieu pangarang anu teu ngandelkeun karangan jadi pangupa jiwa, tapi ceuk anjeuna mah karangan teh minangka keur ngupahan jiwa, duka naon maksadna ngan pamendak simkuring mah Uwa nyerat karanganana keur ngabagéakeun manahna ogé ngabagéakeun manah sing saha baé nu kairut ku karya – karyana. Cag!

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Sajak PEUTING TADI

Carpon Kuring

Sajak Catetan Cikapundung