Sajak Catetan Cikapundung


Catetan Cikapundung
Leumpang mapay sisi jalan Braga
Maksakeun kaludeung, ngudag – ngudag pangharepan
Duméh can kapanggih raratanana
Ukur halimun nu terus nyimbutan lalangsé haté,
ngan méga nu satia maturan pileumpangan
Cikapundung beuki atra ngaguruh bangun nu surak ngareuah - reuah
Nyeungseurikeun ieu diri nu hayoh baé cicing dikungkung kabingung
Keukeuh teu tepung jeung nu dipimaksud
Langit angkeub kasorénakeun,
Nganteur srangéngé nu rék reureuh tas digawé
satengahing jalan nu dipapay can kénéh aya pituduh
sugan jeung sugan ngandelkeun boa
bingbang diparapatan jalan
Anteng ngumbar sagara lamunan
nu ditéang horéng geus euweuh dikieuna
tempat mulang jeung ngumbar kabingung
tempat sasadu lamun haté keur baluweng

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Sajak PEUTING TADI

Carpon Kuring