Sajak PEUTING TADI

PEUTING TADI

Cai canémbrang hérang
Laukna babari beunang
Sawah anu héjo lémbok
ngampar upluk – aplak satungtung deuleu
hawa tiis pagunungan nyecep satulang sandi
leuweung – leuweung katémbong gagah
tangkal – tangkal ngajungkiring narangtung arajeg
mapaés kaéndahan alam
kamonésan hirup antara urang jeung alam
anu silih pikabutuh
kabéh atra katingali, écés katénjo

dina impian peuting tadi. 

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Carpon Kuring

Sajak Catetan Cikapundung