Sajak Urang

URANG (téh) SUNDA

Urang (téh) Sunda…
Sirahna diiket dibaju kamprét lawon hideung majarkeun cenah jatidiri
Babasaan sékésélér cenah némbongkeun karancagéan
Tembang – tembang kasundaan majarkeun seni buhun anu kudu dimumulé
Dayeuh kawali jadi wawakil tetengger yén Sunda pernah ngajadi
Tapi kiwari ngan ukur cacarita jadi béja tatalépa nu teu puguh monyét hideungna

Urang (téh) Sunda…
Soméah hadé ka sémah
Daréhéh akuan teu haseum budina, matak resep omonganana
Sapopoé ngaronyok silih élédan
Tapi kiwari papaharé paharé – haré

Urang (téh) Sunda…
Lain si Kabayan nu hésé baranggawé
Lain Nyi Iteung nu ngan bisa jamedud nitah salakina digawé
Tapi ayeuna urang Sunda kalah leuwih ti si Kabayan, kalékéd hésé digawé,
Kawas Nyi Iteung jaramedud unggal poé
Ai ngaku cenah urang Sunda,
Tapi réngkak paripolah lir kujang nu leungiteun pangadékna.
                       

Mekarjaya 26/6/2014

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Sajak PEUTING TADI

Carpon Kuring

Sajak Catetan Cikapundung