Sajak PATAMANAN BASAJAN


PATAMANAN BASAJAN

Tiisna haté lir tiisna ciibun
ngadalingdingkeun seungitna
nyambuang sabumandala
Patamanan saamparan
ditanceban kembang – kembang asih pangeusina
malati nyugemakeun ati
samoja mawa bagja
éndah taya papadana
Alam urang jagaeun urang
taman kadéwan nu basajan dieusian  kekembangan
lain saukur melak kahayang
tapi éta jadi simbul pangharepan
arep – arepeun jagaeun baringsupagi
Kembang – kembang asih di patamanan
panganteur tineung panyawangan


                        Prawirotaman, Yogyakarta 2014

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Sajak PEUTING TADI

Carpon Kuring

Sajak Catetan Cikapundung