Carpon Kuring

Mulang ka Cimanggung

KU NOVA RYANDI 

    Waktu geus liwat ti wanci magrib, tapi awak can méréan keur muru mulang ka imah buru – buru. Karasa haté ngadadak seseblakan, kabulen ku kaéra rek balik ka imah téh. Horéam tadina mah balik téh, mun teu ditelepon ku nu jadi indung mah, cenah nitah buru balik, meni ampleng – amplengan nyiar kipayah di Jakarta téh, karunya barudak jeung pamajikan cenah ceuk Ema dina telepon saminggu katukang. 
      Bungsu ti limaan kuring téh, lanceuk tilu awéwé, ngan kuring jeung nu pangais bungsu wéh lalaki téh ukur duaan, hirup kasebutna beunghar jeung sagala nyampak katambah asa dipangmeunangkeun hayang nanaon gé ku Apa mah da pédah bungsu meureun sanajan geus kawin ogé tetep teu robah nyaahna Apa ka kuring, hayang nanaon teu weléh cumpon, matak daék ogé indit ka Jakarta téh da pédah kabita ku bati gedé mun usaha di kota mah, modal paméré ti Apa sanajan kudu ninggalkeun pamajikan jeung budak tilu ogé, cék pikiran mah harita mending ngumbara ka kota batan nguplek waé di Cimanggung ngadon tani jeung nuluykeun usaha Apa ternak sapi di lembur mah moal aya rejeki leuwih meureun keur nyenangkeun anak pamajikan, sanajan ku usaha éta ogé geus gedé méré ka pamajikan mah, tapi ngangaranan lalaki hayang wéh méré maweh ka kulawarga téh. Deg wéh aya kahayang muka usaha sorangan di kota, usaha kafé jeung restoran ceuk istilah ayeuna mah, ngandelkeun modal paméré ti Apa basa geus badami di imah hayang muka usaha sorangan. Alhamdulillah aya sih piwelas ti Pangéran, najan tihothat ogé usaha téh maju tur geus kaciri hasilna. 
       Geus aya dua taun satengah kuring muka usaha kafé jeung réstoran di kebon jeruk téh, perenahna mah di Jakarta Barat anu padedeukeut jeung hiji stasion televisi swasta. Munasabah mun ayeuna bisa nyicil mobil ogé bati tina usaha leuleutikan, karyawan gé geus aya sapuluh urangna nu gawé didieu, atuh kafe oge geus mimiti dilegaan da geus loba nu ngalanggan jeung matuh ngadon ngopi tur ngawangkong méakeun waktu jeung babaturanana di kafé kuring.
       Lain ku horéam jauh atawa euweuh jang ongkos balik ka Cimanggung nu matak horéam téh. Nu jadi sabab musababna teh tilu bulan ka tukang basa kuring mulang ka Cimanggung kuring balaka ka pamajikan hayang boga deui nu ngora, rumasa geus kagémbang ku mojang nu anyar panggih di kafé tempat usaha kuring, meh unggal poé panggih di kafé, antukna  rasa katresna nu tuluy ngancik dina hate sumelap dina mamaras rasa teu bisa diapilainkeun kuring miboga rasa nu leuwih ka nyi mojang. Mojang geulis pagawé kantor nu teu jauh jeung kafé kuring anu miboga daya tarik nu matak kuring jadi mikahayang mihukum manéhna téh, mojang geulis tur bageur kacida. Mimiti wanoh basa nganteurkeun pesenan ka manéhna, basa harita kafé keur meujeuhna ramé tur pagawé katétéran pesenan, atuh kapaksa kuring mantuan milu nganteur pesenan ka tamu, da geus biasa mun keur ramé sok milu mantuan pagawé, ti dinya mimiti paadu teuteup jeung nyi mojang téh nu nuluy nepi kaayeuna hayang kapimilik téh.
      Saenyana mah taya pacéngkadan rumahtangga kuring jeung pamajikan téh, geus aya dua puluh tauna kuring nyorang hirup babarengan jeung pamajikan nu tetep satia ka kuring , bageur tur soléhah taya cawadeunana, atuh budak gé geus aya tiluna buah haté kuring duaan. Maké jorojoy hayang boga pamajikan deui. Hayang nuturkeun kahayang haté jeung hasrat lalaki nu keur usaha jauh ti imah. Lain ku ngan saukur hayang minuhan pangabutuh biologis hungkul pédah jauh ti pamajikan kuring balaka hayang boga deui téh, duméh asih ku bageurna, lebar ku soléhna ka nyi mojang nu pamolahna teu béda ti pamajikan, eta nu ngalantarankeun diri hayang ngapimilik manéhna téh.
       Tilu poé tisaprak kuring mulang, pamajikan teu lémék teu nyarék, pacicing – cicing teu ngomong atawa ngagentraan ka kuring sanggeus nyarita kitu ka manéhna. Angger teu robah paneuteupna ka kuring, teu ngambek jeung teu rambisak ku cipanon, jiga nu geus kaimpleng ku kuring saacan balaka ka manéhna. Angger cara sasari ngawulaan kuring, mangyieunkeun cikopi, nyadiaan dahareun keur kuring, nyiapkeun baju keur pakéeun kuring, kabéhanana teu beda ti biasana ngan nu bédana ukur teu daék ngomong saprak balaka harita. Haté ngarasa teu genah nénjo pamolah pamajikan kitu téh, nya kuring nu mimiti nanya ka manéhna, “Mun mamah teu panuju mah wakcakeun baé ka Papap, teu saé Mah pacicing – cicing kieu mah.” Cék kuring. Haté sésérédétan ngadagoan manéhna ngajawab téh. “Mangga waé Mamah mah Papap badé kagungan deui mah, mung kumaha mayunan barudak nu tos arageung ayeuna nu tos gaduh pikiran nyalira, eta nu janten émutan mah Pap kumaha ngajéntrékeunana da pasti tatarosna mah ka Mamah.” Manéhna mimiti mairan. Awak lir dipupul bayu, haté lir dibéntar gelap ngadéngé omongan pamajikan nu sakitu lemesna ngajawab pananya kuring harita, kadéngé ku ceuli sorangan jawaban pamajikan nu sakitu soléhna, anu balaka rido rék dicandung tur kanyaahna dibagi dua ku kuring. sakuduna kuring bungah ngadéngéna, keun urusan barudak mah da nuturkeun, cék saheulaanan mah, tapi haté asa teu bérag ngadéngéna ku éra kana jawaban manéhna ka kuring. 
      Pajurawetna haté jeung pikiran, jiga pajurawetna benang kusut nu dibuntel teu manggih tungtung. Bingung kudua kutilu antara bungah jeung éra, bungah ku pédah geus dijalanan keur mihukum nyi mojang, di sagédéngeun éta éra ku pamajikan nu satia ka kuring najan rek dicandung ogé. Dipikir dibulak – balik, ras inget kana diri nu geus mimiti ngolotan, buuk gé saeutik – saeutik geus mimiti huisan, asa piraku masih keneh hayang boga deui, karunya ka pamajikan nu sakitu solehna mun dicandung teh tada teuing nyeri haténa diteungteuinganan ku salaki nu sakitu dipihormatna téh. 
Poéan kuring kudu balik deui ka Jakarta manéhna tetep teu robah, ngajurungkeun sangkan salamet dijalan, teu boga pikiran curiga atawa timburu basa kuring rék indit, padahal geus pasti kuring bakal tepung deui jeung nyi mojang nu dipikahayang téh. Pikiran pajurawet deui naon nu kudu dilakonan ku kuring ayeuna, antara satia ka pamajikan jeung lebar ku soléhna nyi mojang. Antukna napsu lalaki nu ngagedur tur sumarambah dina diri teu bisa ngéléhkeun kasatiaan kuring ka pamajikan, pikiran geus mantep haté geus tumetep rek nyinglarkeun mihukum nyi mojang geulis nu dipikahayang, sanajan lebar ku geulis ogé bageurna, angger kasolehan ogé kasatiaan pamajikan moal aya nu ngéléhkeun. Kuring geus asak panenjo panceg pasini rek balik ka lembur najan era ogé, pikeun nyinglarkeun kahayang keur nyandung. 
   Dua bulan ti harita usaha kuring di Jakarta dijual kabéhanana, usaha nu tisusut tidungdung diwangun ku késang sorangan, kabéh dijual, ti harita kuring balik deui ka lembur, hasil ngajual kafé dipake ngagedékeun usaha ternak Apa. Kasatiaan kuring ka pamajikan mawa rejeki keur kulawarga. Usaha ternak kuring geus ngagedéan, sapi – sapi mimiti nambahan, kalayan Asih ti Pangéran, usaha kuring geus bisa nyenangkeun pamajikan jeung barudak kabéhanana. 
Pamajikan beuki nambahan kasoléhanana. Kuring geus jangji dina ati rék pasini papada satia dina umur nu geus maju kasorénakeun. Silihpihapékeun kanyaah ogé mertahankeun kasatiaan. Pikeun ngambah sagara rumah tangga nu warohmah……

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Sajak PEUTING TADI

Sajak Catetan Cikapundung